Selasa, 04 September 2012

SAHA NU LEPAT

Saha nu lepat mun diri katalanjuran
Da bongan keureut salira bet sarimbag jeung manehna
Saha nu lepat mun heureuy kaleuleuwihi
Da bongan keureut salira bet sasorot jeung bihari

hanjakal tepang teh kapandeurian
dina wanci geus reup-reupan
mun maksa kudu dipenta tangtu gede mamalana

mana nu lepat dimangsa paduduaan
da hate pernah ka iwat ku salira jeung geugeutna 

SALAM MANIS

Ieu salam manis.. manis salam kuring
Nya ieu pisan nusalawasna nyanding nyaring 
Ngahariring


Ieu salam manis.. manis salam kuring
Nya ieu pisan nusalawasna nganteng anteng 
Kapitineung

Datangkeun kuring deukeutkeun 
Deukeutkeun kuring rakeutkeun
Duh dunungan

Datangkeun kuring deukeutkeun 
Deukeutkeun kuring rakeutkeun

SALERESNA

Padahalmah saleresna
Rumasa kabungbulengan rumasa kapengpeongan
Kapiraray siang wengi 
Bati huleng jentul

Padahalmah saleresna
Diri pasrah tumarima seja ngestu kumaula
Moal bade baha estu saleresna

Sok sanajan Engkang geus aya nu boga
Abdi moal ngarasula Engkang
Kaleleban kamemelangan
Diri leungiteun puntangan
Nogencang ilang harepan
Duh Engkang..

Aduh Engkang ku harianeun
Abdi pasrah diri Engkang jalir jangji
Aduh Engkang ku teungteuingeun
Ukur nganyenyeri aduh Engkang..

Kanyaah nu kantos katampi
Saleresna ukur ngageurihan ati
Kaasih nu kungsi pasini
Geuning henteu saleresna duh Engkang..

SALEMPAY SUTRA

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis soca ti jungjunan duh ti jungjunan
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih duh ti kakasih

Ngraketkeun hubungan batin duaan
Mupus waswas jeung cangcaya
Dijuruna disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
Tawis tijungjunan duh ti jungjunan
Hiji tawis soca duh salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam karawang duh salempay sutra
Geuning ngidem harepan

SALAM SONO

Hatur salam salam sono...
Haturan Engkang 2x

Tos lami teu patepang
Da bongan urang paanggang
Duh aduh3x salam sono haturan Engkang

Ieu salam salam sono
Tawis ati sing jadi tilam katresna
Ieu salam salam sono
Duh.. disanggakeun ka jungjunan

Rakeut geugeut
Rangkul deudeuh
Imut geugeut
Teuteup deudeuh

Nineung deui nineung deui
Salam sono salam sono...

SANCANG CIJULANG

Pungkal pengkol jalan na
Iuh jeung linduh tangkalna
ngaroyom dahan daunna
mapaesan alam endah

harita datang kadinya 
teu sangka geuning teu sangka
bakal tepang jeung nyi lenjang
sagagang kembang impian

* mipir gawir nu lungkawing
mapay jungkrang nu longkewang
kungsi arek nitip diri 
rek neundeun rasa kadeudeuh

ka kembang nu hegar ligar
sanajan bari jeung anggang
arek nemragkeun kahayang
balaka ngedalkeun cinta

antara sancang cijulang
aya angin ngahariring mawa jangji
antara sancang cijulang
aya teuteup anu minuhan kadeudeuh

antara sancang cijulang
aya cinta nu munggaran
antara sancang cijulang
aya cinta langgeng salawasna

SERAT SALIRA

Serat salira wengi tadi tos katampi
Kantenan jungjunan kantenan mungguh ewuhna
Disangki serat katresnan sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan mundut mundur pipisahan

Serat salira dina jajaran kalima
Unggelna teu wasa mun kedah midua hate
Teu sapuk sareng aturan sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana mendak bagja sasarengan

Teu nanaon jungjunan teu nanaon 
Mun kitu kapalay salira 
Lelembutan ngajerit nungkupan diri
Teungteuingeun tegateh kamalinaan

Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Setragana nu nyacas kiwari anteng ngahelas
Imut imut nu kamari tetep surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha pajar urang pileuleuyan