Selasa, 04 September 2012

NYAWANG BULAN

Bulan ngeunteung na kaca jandela
Ngawaskeun nu ngumbar cimata
Bulan ngeunteung na kaca jandela
Anjeun jonghok jeung keclak cimata

Duh bulan ku matak keueung
Hate teh teu daek ludeung geuning
Bongan jangji nu kamari
Pasini nu henteu ngajadi

Bulan masih ngangkleung dina kamalirna peuting
Bulan masih ngangkleung marengan palid katineung 2x

# Alok ( backing V ) :
Aduh bulan bulan tong waka surup
Pan ieu sim kuring anteng nyawang
Nyipta jirim na kakasih
Nu anggang di sajuringkang

Bulan anteng henteu mirosea
Ka nu keur nandang tunggara
Bulan anteng ngebrakkeun cahyana
Galindeng hate marengan

Duh bulan ku teungteuingeun
Tega temen kaniaya aduh
Lalakon anu kamari
Nembongan duh matak nyeri

Bulan harianeun mawa carita baheula
Bulan harianeun nambahan raheutna hate 2x

PAPATONG

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

Sore menggok ka ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Poma tong kajongjonan

Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu kawasa 2x

PANON HIDEUNG

Panon hideung irung mancung 
Pipi koneng putra Bandung
Putra saha dimana bumina
Abdi resep ka anjeunna

Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sararedih
Teu emut dahar teu emut nginum
emut kanu kasep panon hideung

PERCAYA

Sok sanaos hirup dugika tutupna
Percaya diri kagungan salira
Sawangsulna salira kuring nu boga
Hamo pecah sanaos dugika mangsa

Percaya salira tuhu mitineung
Buktosna kadieu karaos keueung
Percaya salira tuhu miheman
Buktosna kaasih taya kendatna

Sok sanaos urang teu ngahiji diri
Patarenggang teu pagiling gisik diri
Sewang-sewang urang aya nu mibanda
Tapi jisim lembut tetep sasarengan

Cacak ringkang teu dipasieup ku urang
Percaya urang mo bakal paanggang
*Diri surti tebih tina kecap cukup
Yu tawekal nohonan kameumeut hirup

RANGRANG KAMELANG

Sanaos urang kantos kedal jangji
Niat diri silih asih
Sanaos urang kantos tigin niat milih
Hiji dina ati
Taya hartosna lamun hate meulit bae
Asih pinuh kapalsuan cinta

Taya hartosna lamun diri dinyenyeri
Samagaha nilas raga sirna
Harepan anu kantos mekar ligar mangsa urang anyar tepung
Karaos mirang tresna asih diri pinuh simpay
Rasa bagja

Tapi buktosna urang pada milih jalan
Hambong geter katingtriman batin
Tapi buktosna urang tepung ukur tangtung
Kumalayang ngawang-ngawang renggang

Upami lambar lalakon naha pinuh kucipanon
Upami geus titis tulis naha nyeri batan hinis
Upami tos kapimilik naha mulang mawa ceurik
Upami raga wayahna naha henteu tibaheula

Carita urang duaan kawas panteng lalayaran
Ngapung lugina ngalayang pegat kapakan sapisan 
Ilang puntangan harepan

RONGGENG IMUT

Nyi ronggeng imutna matak kayungyun
Geulis campernik 
rengkak paripolahna mengkak ku tepak kendang
luhur panggung

digual geol gitekna di sunggal senggol
Goyang di goyang kataji imut nyi ronggeng

Imut ronggeng imut sabengbatan
mentang daya tarik keur bajidor
imut bentang panggung katalimbeng
teuteup seukeut kameumeut nu nongton

ha.... a.. a...

SAGAGANG KEMBANG ROS

Sagagang kembang ros 
Tawis pangbakti ka diri
Sulur weleh ti jungjunan
Ieuh asih nu wening

Runtuyan harewos 
Jangji pasini katampi
Moal weleh mikaheman
Ieuh asih nu wening

Sarining kembang Jatining asih
Jadi angkeuhan duh urang duaan
Ngaca pangharepan Panteng kayakinan
Na dasaring ati urang duaan